MOJANG PRIANGAN
SANGGIAN IYAR WIYARSIH

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan
Mun dierok denok
Mun disanggul ayu
Mun disinjang lenjang
Mojang priangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang priangan
Mojang ti priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang priangan

Comments